Urang Sunda moal bisa bangkit iwal ti dihuapan, pamadegan kuring dina tulisan "Rubah Pamadegang" geus jelas bangkit kudu dimimitian ku elmu jeung rorojongan. Urang sunda sok balaga asa bisa sorangan, guminter sorangan, tara butuh kudulur. Ari tisoledat atawa Pemili, kakara butuh baraya sunda.
Contoh ringkes urang geus dikekesek teuing salila 50 taun merdeka, nyaeta, Pamarentahan, Numarentah, Nu diparentah ayana di tatar sunda, ayeuna tenjo naha aya urang sunda anu miluan marentah, aya oge urang sunda nu ngarana sunda wungkul, praktekna ngarugikeun urang sunda
Urang Sunda geus jauh tina pasipatan Prabu Siliwangi atawa Oto Iskandardinata, atawa Sutisna Senjaya anu pengkuh kana nyekel pamadegan. Kondisi urang sunda 10 taun kahareup pasti bakal kieu keneh.
Kukituna hayu urang rubah pamadegan nyaeta ngahudangkeun urang sunda prung tiayeuna ku cara ;
1. Upayakeun maksimal sakabeh urang sunda dijabatan mana wae, diinstansi mana wae, umur sabara wae tingkatkeun elmu ; pikeun kasakti diri.
2. Laksanakeun Nepotisme salila adil ; misalna mun urang sunda keur nyekel Direktur, Manager HRD manggih calon pagawe ; anu tes nilaina sarua tapi nu hiji suku sunda, nu sejen suku lain ; gancang cokot kaputusan calon urang sunda nu kudu diutamakeun.
Cing ku dua poin ieu bae naha saranggup ngarubah pamadegan ;
Kahatur Dulur Sadayana,
Wacana pernikahan wanoja Sunda sareng pameget Jawa teh saleresna pisan janten pamikiran kanggo abdi pribados oge. Abdi kalebet anu panuju yen pameget Sunda mah entong sakali-kali nikah kana wanoja Sunda, sanes alesanna gaduh pamikiran cara2 licik Walanda dina Divide et Impera tea, sanes kitu kang..! , mung abdi mah gaduh pamikiran kieu yeuh : "Iraha deui pameget (pamingpin) Ki Sunda tiasa mingpin dina bidang2 boh pulitik, ekonomi, sosial budaya, jeung sajabana ???".
Asa sararedih upami ningali kanyataan yen Ki Sunda wayah kiwari mah ngan saukur "penonton" sajah, ngan saukur "pelengkep penderita" sajah, dina percaturan nasional bangsa Indonesia. Naon atuh anu salah jeung urang Sunda teh ???
Dinten ayeuna kaleresan abdi ngaos buku anu kacida hadena, nyaeta buku otobiografi Pejuang Ki Sunda : Bapak Alm. Otto Iskandar Dinata "Si Jalak Harupat", kacida reueusna ngaos eta buku. Abdi pribados sajujurna ngaraos bangga tur sedih, bangga na mah : yen Ki Sunda teh ngalaman gagaduh tokoh pejuang nasional anu kacida harum namina jeung oge meni sakitu patriotik-na. Bung Karno (nu urang Jawa) oge ngaku kana kaageungan perjoangan Bapak Otto.
Ari palebah sedihna : Ciga na mah ti jaman baheula keneh aya pihak2 anu teu resep upami Ki Sunda mingpin ieu bangsa Indonesia teh. Kabuktian dina bukuna Pak Otto tadi, kumaha Pak Otista teh atos diculik tur dibunuh nganggo cara2 anu biadab... Padahal anjeuna anu nentang walanda nganggo cara2 pidato anu gagah jeung kacida vokalna di jaman Volksraad (DPR-na Walanda), anjeunna oge anu ngarintis salam perjuangan : "MERDEKA!!"... mung dugi ka ayeuna teu aya hiji-hiji acan (boh pemerentah Pusat atawa daerah) pengakuan kana kaageungan nama Oto Iskandar Dinata teh... asa meni kacida teuing!!!
Tisaprak harita mah, bisa diitung sabaraha seueur Ki Sunda anu gaduh kiprah dina percaturan pulitik/ekonomi nasional (nepi ka ayeuna oge katingalina mah urang Sunda tetep jadi minoritas di kabinetna SBY)
Iraha deui Ki Sunda gagaduh tokoh anu sapertos : Ir. H.Juanda ? Bpk Oto Iskandar Dinata ? Letjen Marinir Ali Sadikin ? Letjen Mashudi ? Bpk Erry Riyana Hardjapamekas ? jeung sajabana ???
Hayu atuh sakumna Ki Sunda, urang miang kaludeung !!!! ( KUTIPAN TI KANG BODI SAPARAKANCA ), abekosgoro@gmail.com/ www.abekosgoro.wordpress.com
Kamis, 26 Februari 2009
Langganan:
Posting Komentar (Atom)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar