DUNIA PENDIDIKAN

DUNIA PENDIDIKAN
BADUY

Kamis, 26 Februari 2009

PANTUN DAYEUH BOGOR

Tah didinya ku andika adeugkeun eta dayeuh
Laju ngaranna Bogor
Sabab Bogor teh hartina tunggul kawung
Ari tunggul kawung emang ge euweuh hartina,
Euweuh soteh ceuk nu teu ngarti
Ari sababna sabab ngaran mudu Bogor
Sabab Bogor mah
Dijieun suluh teu daek hurung teu melepes tapi ngelun,
Haseupna teu mahi dipake muput
Tapi lamun dijieun teuteunggeul
Sanggup nungkulan windu kuat nilangan mangsa
Amun kadupak matak borok nu ngadupakna
Moal geuwat cageur tah inyana
Amun katajong matak bohak nunajongna,
Moal geuwat waras tah cokorna
Tapi mun dijieun kekesed sing nyaraho
Isuk jaganing pageto bakal harudang pating kodongkang
nu ngawarah Sicalutak
Tah kitu ngaranan ku andika eta dayeuh
DAYEUH BOGOR
Pantun Pacilong

1 komentar: