DUNIA PENDIDIKAN

DUNIA PENDIDIKAN
BADUY

Kamis, 26 Februari 2009

SABDA TUNGGAL WANGSIT SILIWANGI

Saur Prabu Siliwangi ka balad Padjajaran anu milu mundur sateuacanna ngahiang :

Lalakon urang ngan neupi ka poe ieu, najan dia kabehan ka ngaing pada satia tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipiluen milu hirup jadi balangsak, milu rudin bari lapar. Dia mudu marilih pikeun hirup kahareupna supaya engke jagana jember seneng sugih mukti bias nyadeugkeun deui Padjajaran. Lain Padjajaran nu kiwari, tapi Padjajaran nu anyar nu ngadeugna digeuingkeun ku obahna jaman.
Pilih ngaing moal ngahalang – haling, sabab pikeun ngaing heunteu pantes jadi Raja amun somah sakabehna lapar bae jeung balangsak.

Darengekeun :
Nu tetep ngilu jeung ngaing geura misah kebelah kidul, anu haying balik deui ka Dayeuh nu ditinggalkeun geura misah kabelah kaler, anu dek kumaula kanu keur jaya geura misah kabelah wetan, kanu moal milu kasasaha geura misah ke belah kulon.


Darengekuen :
Dia anu kabelah wetan masing nyaraho
Kajayaan milu jeung dia, nya turunan dia anu engkena bakal marentah kadulur jeung kabatur. Tapi masing nyaraho ariana bakal kamalinaan engkena bakal aya babalesna.
Jig geura nindak ! ! !........

Dia anu kabelah kulon masing nyaraho
Papai kudia lacak KI SANTANG sabab engkena turunan dia jadi panggeuing kadulur jeung ka batur, kabatur urut salembur, ka dulur anu nyorang sauyunan kasakabeh nu rancage hate. Engke jaga mun tengah peutung ti gunung HALIMUN kadenge sora TUTUNGGULAN tah eta tandana saturunan dia disarambat kunu dek kawin di LEBAK CAWENE ulah sina talangke sabab talaga bakal bedah.
Jig geura narindak tapi ulah ngalieuk ka tukang ! ! !.............

Dia nu marisah kabelah kaler masing nyaraho
Dayeuh ku dia moal kasampak, nu kasapak ngan ukur tegal baladehan, turunan dia lolobana bakal jadi somah, mun aya nujadi pangkat tapi moal boga kakawasaan ariana engke jaga bakal kasendehan batur, loba batur tinu anggang tapi batur nu sarusah jeung nu nyusahkeun
Singwaspada……..
Sakabeh turunan dia kungaing bakal dilanglang tapi di waktu nu parelu ngan bakal datang deui nulungan nu barutuh, mantuan nusarusah, tapi anu hade laku lampahna.
Mun ngaing datang moal kadeleu, mun ngaing nyarita moal kadenge memang ngaing bakal dating tapi kanurancage hatena,kanu weruh di semu anu saestuna, anu ngarti kana wawangi anu sajati jeung anu surti lantip pikirna, anu hade laku lampahna. Mun ngaing dating teu ngarupa teu nyawara mere ciri ku wawangi.
Timimiti poe ieu Padjajarn leungit ti alam hirupna leungit dayeuhna, leungit ngaranna. Padjajaran ninggalkeun tapak jaba tingkaran pikeun anu mapaina. Sabab bukti anu kari bakal loba numalungkir tapi engke jaga bakal aya anu nyoba – nyoba supaya anu leungit kapanggih deui nya bias ngan mapaina kudu make amparan. Tapi mapaina loba anu aing pang pinterna, mudu aredan heula.
Enhke bakal rea kapanggih deui sabagain sabab kaburu dilarang kunu disebut raja panyelang, nya nuwai nyorehan terus teu ngahiding kana panglarang, ngorehan bari ngalawan sabari seuri, nyaeta BUDAK ANGON imahna di birit leuwi pantone batu satangtung kahieuman ku haneleum karimbunan kuhanjuang, ari ngangonna lain embe, lain meong, lain banteng tapi kalakai jeung tunggul.
Eunyana jongjon ngorehan ngumpulkeun anu kapanggih, sabagian disumputkeun sabab acan wayah jeung mangsana baris loba nu kabuki jeung rariang menta dilalakonkeun tapi mudu loba ngalaman lalakon.
Lilana saban jaman sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju nitis dipindah sukma.

Darengekeun…….
Nu kiwari ngamusuhan urang jaradi raja ngan bakal nepi mangsana, tanah bugel di sisi ciaruteu dijadikeun kebo dongkol, tah didinya sanagara bakal jadi sampalan, kebo babule dianggon ku jelma jangkung nu tutunjuk di alun – alun.

Tiharita Raja – Raja di belenggu kebo bule narik bubuntut, turunan urang narik wuluku ngan narikna henteu karasa sabab murah jaman seubeuh hakan.
Tidinya wuluku ditumpakan kunyuk laju tidinya turunan urang aya nu lilir tapi lilitna cara nukakarak hudang tina ngimpi. Tinu laleungit tambah loba numanggihan, tapi loba nupahili nulain mudu diala. Turunan urang loba anu heunteu engeuh, yen jaman ganti lalakon. Tidinya gehger sanagara.
Panto dibuburak kunu nganteur pamuka jalan, tapi jalan nu pasingsal……!!!
Nu tutunjuk nyumput jauh. Alun – alun suwung, kebo bule kararabur laju sampalan nu dirajah monyet, turunan urang ngareunah seuri ngan seuri teu anggeus kusabab kaburu warung beak ku monyet, leuit beak ku monyet, kebon beak ku monyet, sawah beak ku monyet, huma beak ku monyet di acak – acak, cawene rareuneuh ku monyet sagala gal di ranjah ku monyet.
Turunan urang sieun niru – niru monyet, panarat dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Wuluku di tarik ku turunan urang keneh, loba nu paraeh kalapara, tidinya turunan urang ngarep – ngarep pelak jagong, sabari nyanyahoanan maresek catur rangga. Heunteu arengeh yen jaman engges ganti deui lalakon. Laju hawar – hawar ti tukang sagara kaler ngaguruh ngagulugur, Garuda megarkeung andogna genjlang samparan jagat.
Ari di urang, rame kunu mangpring, pangpring sabuluh buluh gading. Monyet ngumpul tingrumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang, ngamukna teu make aturan, loba nu paraeh teu boga dosa, puguh musuh dijieun batur, puguh batur dijieun musuh. Ngadak ngadak loba nu pangkat nu marentah cara nu edan. Nu bingung tanbah bari bingung, barudak satepak jaradi bapak, nu ngaramuk tambah rosa, ngamukna teu pilih bulu, nubarodas dibuburak, nuharideung di sieuh – sieuh.
Mani saheng buana urang sabab nu ngaramukna heunteu beda tina tawon dipalengpeng dina sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi kaburu aya nu nyapih, nunyapihna urang sebrang. Laju ngadeug deui Raja, asalna jalma biasa tapi memang titisan raja, titisan Rajahabeula jeung biangna hiji putrid pulo Dewata. Dapuguh titisan Raja, Raja anyar hese apesku rgahala.
Tah harita ganti deui jaman, ganti jaman ganti lalakon. Heunteu lila geus tembong bulan tiberang, disusul kaliwatan ku bentang ca’ang ngagenclang. Di urut naga urang ngadeg deui karajaan, karajaan jerona karajaan, jeung rajanalain teureuh Padjajaran. Laju aya deui raja, tapi raja buta nu ngadegkeun panto teu beunang ditutup, nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin. Da Raja buta, tapi lain buta duruwiksa, tapi buta heunteu neuleu, buaya, ajag, ucing garong jeung monyet ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuingkeun nu diporogmah lain satona tapi jalma nu ngelingan.
Mingkin hareup mingkin hareup loba buta, nu baruta naritah deui nyembah berhala. Laju dibubuntut salah ngatur, sanas pabeulit dina cacadan. Da nu ngalukuna lain jalma nu tukang tani, nyakaruhan tarete hepe sawareh, kembang kapas hapa buahna, buah pare loba nu teu asup kana aseupan. Da bonganan nu ngebonna tukang barohong, nu tanina ngan ukur jangji, nu rarinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.
Tidinya dating budak janggotan, datangna sajamang hideung bari nyoren kaneron butut. Ngageuingkeun kanu keur sasar, ngelingan kanu paroho,… tapi heunteu diwaro…..!!!! dap inter kabalinger, haying meunang sorangan.
Areunyana teu areungeuh langit enggeus semu beureum, haseup ngebul tina pirunan, boro – boro dek ngawalaro, malah budak nu janggotan ku areunyana di tewak di asupkeun kapangberokan.
Laju areunyana ngawut – ngawut dapur batur, majarkeun neangan musuh, padahal areunyana nyiar – nyiar pimisuheun.

Singwaspada….!!!
Sabab engke bakal nyaram Padjajaran di dongengkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyanya areunyana anu jadi gara – gara Sagara jadi Dangdarat. Buta – buta nu baruta mingkin hareup mingkin bareudegong, ngaleuwihan kebo bule areunyana teu nyaraho jaman manusa dikuwasaan ku sato.

Jayana buta – buta heuteu pati lila, tapi da bongan kacarida teuing nyangsara somah, loba somah anu pada nyareup – nyareup caringin reuntas di alun – alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahan sorangan, iraha mangsana ………?>
Engke mun geus tembong budak angon, tidinya loba nu rebut, mimiti ti jero dapur, tidapur laju ka salembur, ti lembur jadi sanagara.
Nu barodo jaradi gelo marantuan nu gareulut, dikokolotan ku budak buncireung. Mantakna galeulut marebutkeun warisan, nu hawek haying panglobana, nu teu hawek haying loba, nu boga hak marenta bagiannana, nyang nu areling caricing, anreunyanamah ngalalajoanan tapi kabalerang nu gareulut laju rareureuh. Laju kakarak arengeuh kabehgeh teu aya nu meunang bagian, sabab warisannana kabehgeh beak , beakna kunu nyareukeul gadean.Buta – buta laju ngarusup kanu gareulut jadi kareueng, sarieuneun ditempuhkeun leungitna Nagara.
Laju nareangan Budak Anggon nu saungna dibirit leuwi, nu pantone panto satangtung, nu di hateup ku haneuleum, di tihangan ku hanjuang, nareangan budak tumbal, tapi budak angon geus eweuh. Geus narindak babareungan jeung budak janggotan, geus mariang pindah ngababakan, parindah ka lebak cawene !, nu kasampak ngan kari Gagak keur ngaulak dina tunggul.

Darengekeun………!!!
Jaman bakal ganti deui, tapi angke lamun Gunung Gede enggeus bitu di susul ku tujuh gunung. Jenglong deui sa jagat Urang Sunda di sarambat, urang Sunda ngahampura, hade deui sakabehna…….!!!!
Sanagara sangahiji deui, Nusa jaya …. Jaya deui, sabab ngadeug Ratu Adil anu sajati. Tapi Ratu saha…..?, timana eta asalna Ratu….?, engke oge dia nyaraho.
Ayeunamah siar ku dia eta Budak Angon…..!!!, Jig geura Nindak……..!!!, Tapi ulah ngaliuk ka tukang…..!!!

Diserat ku
ARIA WANGSA GOPARANA
Sagara Herang 570
Disalin “ SABDA TUNGGAL “
Jum’at Legi 17 muharam 1416 Hijriah

Tidak ada komentar:

Posting Komentar